Senin, 12 Maret 2012

" KIDUNG PITUTUR KA OPAT "

Amit Ampun Nun Paralun Ka Gusti Nu Maha Suci
Neda Pangjiad Pangraksa Para Abdi-Abdi Seni
Seja Ngaguar Laratan Titis Waris Nini Aki

Ngembatkeun Jalan Laratan Katampian Gesan Mandi
Kaleuwi Sipat Tahunan Leuwi Nu Ngaruncang
Diri Diri Anu Sakiwari

Rek Muru Lurung Tujuh Ngaliwat Ka Pajajaran
Bongan Hayang Pulang Anting
Padungdengan-Padungdengan Jeung Usikna Pangancikan
Pun …… Sapun……

Sampurasun……
Ka Rumuhun Ka Hyang Prabu Siiliwangi
Nu Murba Di Pajajaran
Pangauban Seuweu Siwi Nu Gelar Di Tatar Sunda
Muga Nyebarkeun Wawangi

Run Turun Bayu Rahayu Bayu Tresna Bayu Asih
Bayu Mawat Kangaruyan, Bayu Mawat Kaelingan
Sakur Nu Kaliliwatan
Sakur Nu Katitincakan

Urang Buka Tutungkusan Nu Kahalang Ku Pipinding
Dina Gebang Sewu Lungkar
Dina Tulis Titis Tulis Maca Uga Na Waruga
Atra Setra Kanti Sukma

Amin Ya Robbal Alamin
Mugi Gusti Nangtayungan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar